letras.top
a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z 0 1 2 3 4 5 6 7 8 9 #

letra de sumerah - ncing adnan

Loading...

layung beureum
nu hibar di belah kulon
tanda wanci

beurang diganti ku peuting

anteng nyaw-ng
sidakep sinuku tunggal
teu karasa
c-p-non geuning beut ngeumbeung

geuning hirup
urang téh geus lila
umur nu geus tunggak gunung
boa isuk, boa pagéto

kitu deui
lamun ras ku lampah diri
diri nu teu walakaya
taya pibeukeuleun cagak

kuring anteng jongjon
milampah urusan dunya
teu maliré gawé
nu geus jadi kawajiban

diri sasampiran
awak sasampayan
henteu geuneuk, teu maleukmeuk
nyanggakeun sadaya-daya

rumingkang di bumi alam
darma wawayangan baé
laku lampah nu teu uni
diri anu katempuhan

ngan ukur ngalajur napsu
teu inget kana wiwitan
aduh, gusti, abdi ampun
nyanggakeun sadaya-daya

layung beureum
nu hibar di belah kulon
tanda wanci
beurang diganti ku peuting

anteng nyaw-ng
sidakep sinuku tunggal
teu karasa
c-p-non geuning beut ngeumbeung

geuning hirup
urang téh geus lila
umur nu geus tunggak gunung
boa isuk, boa pagéto

kitu deui
lamun ras ku lampah diri
diri nu teu walakaya
taya pibeukeuleun cagak

kuring anteng jongjon
milampah urusan dunya
teu maliré gawé
nu geus jadi kawajiban

diri sasampiran
awak sasampayan
henteu geuneuk, teu maleukmeuk
nyanggakeun sadaya-daya

diri sasampiran
awak sasampayan
henteu geuneuk, teu maleukmeuk
nyanggakeun sadaya-daya

letras aleatórias

MAIS ACESSADOS

Loading...