
letra de ditalipak - doel sumbang
[verse]
bobogohan lima belas bulan
jeung si denok urang banjaran
randa ngora hadé rupa
anak bungsu bandar gula
salah naon, atuh, salah, salah naon?
dosa naon, dosa naon?
kurang naon, ari akang, kurang naon?
diputuskeun di tengah jalan
[chorus]
hawar-hawar meunang béja
dijodokeun ku kolotna
jeung pulisi lalu lintas
kang wahyu urang cicadas
randa ngora hadé rupa
sérab ku pangkat jeung banda
ka kuring ngadadak téga
nyieun surat putus cinta
[post-chorus]
hanas kuring guda-gadé
bro-broan barang béré
pangaboga ampir béak
teu sangka rék ditalipak
[non-lyrical vocals]
nya teu nanaon lah
gering-gering ogé da kudu pasrah meureun lain jodona
ngan omat wé ka kang wahyu, nitip
ulah dugi ka dinyenyeri
nyaah abi téh ka manéhna téh kang wahyu
sok wéh mugi rumah tangga sing tartib
satiasa-tiasa wéh sapertos nartibkeun lalu lintas
nitip, kang wahyu
aduh
[verse]
bobogohan lima belas bulan
jeung si denok urang banjaran
randa ngora hadé rupa
anak bungsu bandar gula
salah naon, atuh salah, salah, salah naon?
dosa naon, dosa naon?
kurang naon, ari kuring, kurang naon?
diputuskeun di tengah jalan
[chorus]
hawar-hawar meunang béja
dijodokeun ku kolotna
jeung pulisi lalu lintas
kang wahyu urang cicadas
randa ngora hadé rupa
sérab ku pangkat jeung banda
ka kuring ngadadak téga
nyieun surat putus cinta
[post-chorus]
hanas kuring guda-gadé
bro-broan barang béré, (marukan téh)
pangaboga ampir béak, (nyaan)
teu sangka rék ditalipak
[outro]
tos dahdir, éh, takdir
letras aleatórias
- letra de heat! - 20means
- letra de everywhere that *** army roam - cornershop
- letra de venus, mars of pluto - bart peeters
- letra de 187 - fd gang
- letra de algo de lo que me pueda quejar - doble pletina
- letra de whole night - wichea$y
- letra de it won't last - matt guillory
- letra de show [right version] - rat tv
- letra de tryb komfort - mlodykojot
- letra de mental state - lofsky